Karya : DR. KH. TB. SANGADIAH, MA
Assalamu’alaikum…… Warohmatullohi lakum
Rojatu min wujudikum arodtu min arhamikum
Dulur-dulur jisim kuring buru-buru pada nyaring
Nyaring hate nyaring pikir ayeuna zaman geus akhir
Cirina zaman geus akhir alamatna atos dhohir
Nu karasa ku sadaya nu katingal kusadaya
Nu mawi kudu sing akur kolot budak misti campur
Dina jalan agamana ulah nurutkeun nafsuna
Karena eta nafsuna datang ti syetan pastina
Ulah pacingcalan bae lamun hayang jadi sae
Ulah gumede takabur lamun hayang jadi akur
Kedah buru-buru ngaji supaya jadi ngahiji
Ngajina kudu heulakeun ma’na syahadat ajikeun
Nya kitu dina qur’ana kedah terang jeung tajwidna
Sareng dina parabotna kitab nahu kawitana
Kitab ‘amil mimitina jurumiah kaduana
Kitab shorof katiluna eta talar sakabehna
Eta kabeh satiluna dimisalkeun tarajena
Timukeun sing saenyana mun ngaji rek sabenerna
Ngan sakitu amanatna jisim kuring pang hinana
Tidak ada komentar:
Posting Komentar